Rabu, 12 September 2012

P4TUR41 TINEUNG


Paturai Tineung

Bapak Kepala Sekolah sarta Bapa-Ibu guru pendidikan, penbingbing anu ku simkuring di hormat.
                Assalamualaikum  wr.wb.

“ ALHAMDU LILLAHI RABBIL’ALAMINA WABIHI NASTA’INU ALA UMURIDDUNYA WADIN WA’ALA ALIHI WAS’SAHBIHI  AJMA’IN ”

Langkung tipayun manjatkeun puji sareng syukur kahadirat Allah SWT. Kalayan rahmat,  hidayah sarta inayahna,  urang  sadaya   Tiasa patepang wajah dina acara paturai tineung.
Salajengna shalawat sareung salam mugi tetap di limpahkeun ka jungjungan urang sadaya kangjeng Nabi Muhamad SAW. kapala kulawarga, para sahabat sadayana tug dugi ka urang sadaya salaku umat anjeuna.
Dina kasampatan ieu simkuring atas nami rerencangan sa kelas ngahaturkeun nuhun ka Bapak kepala sekolah sarta Bapak-Ibu Guru sadayana  nu mana berkat jasa-jasa sarta pangabdian ngabingbing sareung ngajar simkuring kalayan pinuh katekunan,  kasabaran, katawakalan, sahingga simkuring sadaya hasil ngarengsekeun  di ajar kalayan sukses sarta nilai nu ngagumbirakeun .
Sajabi ti eta simkuring oge ngaraoskeun ayana kaakraban hubungan simkuring antara Bapak-Ibu Guru sadayana. Salami simkuring  diajar di sakolaan ieu, sahingga karaosna ku simkuring sapertos dina asuhan nujanteun sepuh bae.
Jalaran hal ieu, simkuring ngaraos abot sarta susah kanggo mopohokeun kenangan jasa*sae Bapak-Ibu Guru sadayana nu parantos nempel dina hate sanubari simkuring.
Salajeungna dina kesempatan ieu simkuring mung tiasa manjatkeun do’a ka dzat Allah  SWT Numaha kawasa. muda-mudahan Bapak-Ibu Guru sadayana salamina dipaparin kakiatan , kasehatan, kasajahtraan sarta salamina dilindungannana, margi kajaba mung ku do’a ieu simkuring teu hilap ngahaturkeun maaf saageung-ageungna tina sagala kahilapan  boh nu dihaja atawa nu teu dihaja atawa aya prilaku anu teu saluyu sareung kahoyong para Bapak-Ibu guru sadaya salami simkuring janteun anak didik di sakola ieu.
Akhirna kalawan parasaan abot pikeun ngantunkeunnana , mudah-mudahan kabekel nu parantos kapimilik ti Bapak -Ibu Guru, simkuring sadaya tiasa ngagunakeunnana sakumaha mistina ngudag sarta ngahontal Cita-cita simkuring sadaya .
       Akhir kalam,
“Wassalamualaikum wr.wb.”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar